Runtah

Doel Sumbang

Panon na alus,irung alus,biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir meuni mulus
Ngan hanjakal pisan kalalakuan siga SETAN
Gunta ganti jalu teu sirikna unggal minggu

Naha kunaun nu geulis loba nu bangor
Naha kunaon nu bangor loba nu geulis
Sigana mah ngaraasa asa aing hade rupa
Bisa payu ka sasaha tungtung na jadi cilaka

Kulit klir koneng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarig
Biwir beureum, beureum jawer hayam
Panon coklat kopi susu

Ngan naha atuh beut di mumurah
Geblek hirup daek jadi RUNTAH
Ulah banggga bisa gunta ganti jalu
Komo jeung poho di baju