Pangandaran

Doel Sumbang

Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salamar
Hmm, saksina bulan anu sapotongHmm, saksina bentang anu baranang

Aya kasono, aya katresna
Aya kadeudeuh, aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono, aya katresna
Aya kadeudeuh, aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran

Tina ati pada-pada kedal janji
Urang silih asuh, silih asih, silih jagi
Deuk ngadeugkeun harti asih saeunyana
Deuk ngadeugkeun harti deudeuh saeunyana

Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran

Reug dicangreud
Hate geus pageuh kabengkeut
Sisi laut Pangandaran
Reug dicangreud
Beuki rakeut beuki gegep
Sisi laut Pangandaran

Tina ati pada-pada kedal janji
Urang silih asuh, silih asih, silih jagi
Deuk ngadeugkeun harti asih saeunyana
Deuk ngadeugkeun harti deudeuh saeunyana

Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran

Reug dicangreud
Hate geus pageuh kabengkeut
Sisi laut Pangandaran
Reug dicangreud
Beuki rakeut beuki gegep
Sisi laut Pangandaran