Sancang

Yayan Jatnika

Ngalanglangan pakidulan garut
Ombak basisir ketir dina waktu eta
Sayang helang kakarang gajah
Los ka jojontor sancang

Ceunah cek beja baheula aya nagara
Sancang pakuan pajajaran katelahna
Prabu siliwangi nu jadi rajana
Sakti mandra buhunan

Bade di islamkeun anjeuna alim
Diudag putrana prabu kiansantang
Hilang di leuweung eta tileum di leuweung eta
Sancang nu caneoh geueuman

Ceunah cek beja baheula aya nagara
Sancang pakuan pajajaran katelahna
Prabu siliwangi nu jadi rajana
Sakti mandra buhunan