Sancang

Yayan Janika

Ngalanglangan pakidulan Garut
Ombak basisir, ketir dina waktu éta
Sayang Heulang ka Karang GajahLos ka jojontor Sancang

Cenah ceuk béja, baheula aya nagara
Sancang Pakuan Pajajaran katelahna
Prabu Siliwangi nu jadi rajana
Sakti mandraguna

Badé diislamkeun, anjeunna alim
Diudag putrana, Prabu Kiansantang
Ilang di leuweung éta, tilem di leuweung éta
Sancang nu canéom geueuman

Cenah ceuk béja, baheula aya nagara
Sancang Pakuan Pajajaran katelahna
Prabu Siliwangi nu jadi rajana
Sakti mandraguna

Badé diislamkeun, anjeunna alim
Diudag putrana, Prabu Kiansantang
Ilang di leuweung éta, tilem di leuweung éta
Sancang nu canéom geueuman

Badé diislamkeun, anjeunna alim
Diudag putrana, Prabu Kiansantang
Ilang di leuweung éta, tilem di leuweung éta
Sancang nu canéom geueuman

Geueuman
Geueuman

Daftar lirik lagu Yayan Janika