Tanjung Baru

Darso

Angin laut di Tanjung Baru
Mawa ombak nganteurkeun budah ka sisi
Tempatna pariwisata jugjugan para rumaja

Di basisir kaler Kota Karawang
Tempat ulin bari ningal pamandangan
Nu daratang bari marawa impian
Papasangan jeung silih cepeng panangan

Di Tanjung Baru nyambungkeun rasa katresna
Di Tanjung Baru ngaitkeun rasa kaasih
Di Tanjung Baru nyampaikeun rasa kanyaah
Di Tanjung Baru ngamprokkeun rasa kasono